Papatah jang Budak

Dijual Buku Antik dan Langka

papatah jang budak

Anaking jimat Awaking
Hidep kudu reueus hirup huripna ngajadi diri anjeun sorangan. Raksa pariksa amarah hidep nu ngabalukarkeun kaduhung teu manggih tungtung. Jalanan hirup ku handap asor ka papada manusa, jaga jeung riksa sarupaning anu dipiboga ku hidep. Soca tina tinggalieun, ceuli tina dédéngeun, Létah tina ucapkeuneun, leungeun tina cabakeuneun. Suku tina lampahkeuneun. Jaga riksa léngkah paripolah tinu hal anu matak raheut kana manah batur. Ngarah hidep hirup loba dulur, akur jeung salembur.

Ulah poho, jaga, riksa kaluhungan alam dunya. Da Gusti Anu Maha Suci nyiptakeun alam dunya téh pikeun diropéa estuning keur hirup huripna hidep jeung papada umat-Na.

Anaking jimat Awaking
Hidep sing sadar, ngajalanan hirup hurip di alam dunya téh heunteu gampang. Hidep moal salawasna ngajalanan datarna hirup. Bakal nincak kana tanjakan jeung pudunan. Omat hidep ulah kupur. Salawasna éling kanu Maha Agung, Nyembah kanu Maha Kawasa. Turutkeun papagon ageman, jalankeun pituduh karuhun urang. Tah ieu anaking, pépéling keur diri papatah keur awak, badan sakujur ingis laku lampah nincak salah.

Anaking jimat Awaking
Dina unggal renghapan nu jadi indung bapa kaluar dunga anu mustajab pikeun anak-anakna ngarah hirup pinangih jeung kabagjaan, kajembaran pikeun pibekeleun dina engoning ngajalanan sagara kahirupan di alam dunya. Omat anaking hideup kudu silih asah,silih asih, silih asuh, silih talingakeun nya diri, silih simbeuh nya ku kadeudeuh. Deheuskeun duduluran, rakeutkeun babarayaan, ulah rék pakia-kia ulah rék pasalia paham hamo nepi ka papaséaan.

Anaking jimat Awaking
Omat, ieu peupeujeuh keur hirup huripna hidep salawasna. Bral anaking… jalanan hirup huripna hidep. Sugan jeung sugan hidep bisa ngajadikeun diri hidep jadi Manusa Unggul. Sumber


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Papatah jang Budak

Posting Komentar