Ngampihkeun Pare di Baduy

Dijual Buku Antik dan Langka

ngampihkeun pare di baduy


Ngampihan Paré
Dina musim panén, sabiasa kumaha lamun seug paréna geus garing sok diampihan. mangkék paré lain ku awi cara di urang, tapi ku luluh Teureup. Dina ngampihkeun paré, teu meunang gagabah, teu meunang kasar, tapi paré téh kudu diteundeun lalaunan kalawan ati-ati pisan. Teu meunang dialung-alung, lantaran Nyi Pohaci bisi nyareurieun awak. Teu meunang patumpang tindih, kudu ngéntép bener diukna.

Mun paré geus ngampih kabéh, parancahna téh :
Pohaci Sang Hiang Asri
haturan bagéa calik
ti Buana Pancatengah
pancatengah pasar Allah.
Meujeuh reureuh meujeuh eureun
di buana Padangeng
mangka tetep mangka langgeng
langgeng di jurang rahayu.
Nya hurip salamet diri
balik ka weweg-sumpeg
balik ka mandala pageuh
mangka langgeng kajayaan...
 Dicutat tina majalah Sunda Baranang Siang.

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Ngampihkeun Pare di Baduy

Posting Komentar