Paribasa Sunda nu Dimimitian tina Huruf A-B

Dijual Buku Antik dan Langka




  • Abang-abang lambe Ukur ngagenahkeun batur wungkul.
  • Abong biwir teu diwengku, abong letah teu tulangan Ngomong henteu dipikir heula, tungtungna matak pikanyerieun batur.
  • Adam lali (ing) tapel Jelema nu geus poho ka baraya jeung poho ka lemah caina sorangan.
  • Adat kakurung ku iga Laku lampah kurang hade ami hese di-leungitkeunana.
  • Adean ku kuda beureum Ginding ku papakean/barang beunangnginjeum, atawa agul ku banda batur.
  • Adep-hidep Kumawula (ka salaki).
  • Adigung-adiguna Gede hulu, boga rasa leuwih punjul ti batur,kaciri dina laku lampah jeung omonganana.
  • Adil palamarta Kacida adilna.
  • Adu telu ampar tiga Nu aya perkara diriungkeun atawa nu jual-beuli.
  • Agul ku payung butut Jalma nu sok agul nyaritakeun yen manehna turunan menak baheula, sanajan ayeuna hirupna taya kaboga.
  • Ahli leleb Tukang baranghakan.
  • Ajak jawa Ngajak bari ukur tamba, lain saenyana, dapon ngeunaheun batur.
  • Akal bulus Akal licik, akal jahat,
  • Akal koja Pinter dina kagorengan.
  • Aki-aki tujuh mulud Geus kolot pisan.
  • Aku-aku angga Ngan saukur ngaku ngarasa nu boga, padahal saenyana mah milik batur.
  • Alak paul Kacida jauhna.
  • Alak-alak cumampaka Niru-niru atawa hayang nyaruaan saluhureun; pupujieun; ieu aing.
  • Allah mah tara nanggeuy ti bongkokna Allah moal mihak ka jalma nu boga dosa.
  • Along-along bagja Teu tulus meunang bagja.
  • Alus laur hade ome Tegep dedeg pangadegna (boh awewe boh lalaki).
  • Alus panggung Hade dedeg pangadegna.
  • Ambek nyedek tanaga midek Kacida ambekna ngan teu bisa ngalawan lantaran moal pikuateim.
  • Ambek sadu santa budi Saleh hate, lemes budi, sabar darana.
  • Ambekna sakulit bawang (sakecap kadua gobang) Babari ambek rosa.
  • Ambon sorangan Bogoh sosoranganan, teu dilayanan.
  • Amis budi Hade budi parangi, someah, mun nyarita sok dibarung ku imut.
  • Amis daging Babari pisan katerap kasakit
  • Anak dua keur gumunda Awewe nu karek boga anak dua, keur meujeuhna tegep, pikabogoheun.
  • Anak emas Anak anu kacida dipikanyaah ku kolotna, atawa pagawe anu kacida dipikanyaah ku dununganana.
  • Anak hiji keur gumeulis Awewe" nu karek boga anak hiji, katenjona teh sok beuki geulis bae, komo nu bisa ngurus awak mah.
  • Anak merak kukuncungan Kahadean atawa kagorengan anak ngala ka indung-bapana.
  • Anak tilu keur kumusut Upama geus boga anak tilu, awewe nu teu bisa ngurus awak katenjona sok karusut, geus teu pati luis.
  • Anggeus-anggeusan Bebeakan.
  • Anjing ngagogogan kalong Mikahayang nu pamohalan kalaksanakeun.
  • Anjing nyampeurkeun paneunggeul Ngadeukeutan nu rek mahala.
  • Anu burung diangklungan, anu gelo didogdogan, anu edan dikendangan Anu gedebul dihanu'nan, supaya tambah maceuh.
  • Apal cangkem Apal tapi teu nyaho hartina.
  • Ari diarah supana, kudu dijaga catangna Ari aya barang nu diala hasilna kudu daek ngurusna.
  • Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed Najan umur geus kolot, kahayang kawas nu ngora.
  • Asa aing uyah kidul Boga rasa panggindingna, pangkasepna, pangtegepna atawa pangpunjulna.
  • Asa bucat bisul Ngarasakeun lugina sanggeus ngarengsekeun pagawean anu beurat, atawa sanggeus lesot tina kasusah. 
  • Asa dijual teu payu Cuang-cieung euvveuh batur lantaran ditinggalkeun di panyabaan ku anu ngajakna.
  • Asa dina pangimpian Rarasaan keur ngimpi awahing helok padahal keur nyaring.
  • Asa dipopokan tai Ngarasa pohara diwiwirangna.
  • Asa dipupuk birus Ngarasa tibra hate.
  • Asa ditonjok congcot Kacida atohna, bungah meunang rejeki nu teu disangka-sangka.
  • Asa ditumbu (katumbu) umur Kacida atohna, lantaran dibere barang anu kacida dipikahayangna atawa ditulungan dina keur meunang kasusah.
  • Asa euweuh beungeutan Kacida erana.
  • Asa kabur pangacian Kacida reuwasna, nepi ka teu puguh cabak; asa leungit sumanget
  • Asa kagunturah madu kaurugan menyan putih Kacida bungahna jeung kacida bagjana.
  • Asa katindihan langit Henteu aya harepan.
  • Asa kiamat Pohara sedihna jeung susah luar biasa.
  • Asa mobok manggih gorowong Kabeneran aya jalan pikeun ngahasilkeun usaha nu keur dipaju.
  • Asa nyanghulu ka jarian Teu ngeunah rasa lantaran kudu nga-dunungan ka jalma nu sahandapeun pangartina atawa harkat darajatna.
  • Asa peunggas rancatan Leungiteun batur nu sok nalang dina pagawean.
  • Asa potong (pingges) leungeun katuhu Leungiteun jelema nu kacida gede gawena, kacida dipikabutuhna.
  • Asa rawing daun ceuli Mindeng ngadenge omongan anu henteu ngeunah.
  • Asa teu beungeutan Era kacida.
  • Asa tungkeb bumi alam Kacida bingungna.
  • Asak jeujeuhan Dipikiran heula masing anteb.
  • Asak sasar Dipaluruh bener-henteuna.
  • Asak warah Hade atikan, basa jeung paripolahna merenah.
  • Atah adol Kurang ajar, kurang pangawarah.
  • Atah anjang Langka silih anjangan.
  • Atah warah Kurang atikan, sabalikna tina asak warah.
  • Ateul biwir Sok getek hayang bae ngomong sanajan teu perlu dicaritakeun.
  • Ateul dampal leungeun Gereget hayang nampiling.
  • Ati mungkir beungeut nyanghareup Caritaan jeung kalakuan henteu terus nepi kana hate, sabab di hareupeun hade di tukangeun ngagorengkeun.
  • Ati putih badan bodas Beresih hate, taya geuneuk-maleukmeuk.
  • Atung eneh atung eneh Kitu-kitu ken£h.
  • Aub payung sabet sapon saba-soba Nuduhkeun wawatesan pakuwon.
  • Awak kawas badawang Jangkung gede teu matut.
  • Awak sabeulah Henteu boga salaki atawa pamajikan.
  • Awak sampayan (eun) Make pakean kumaha oge pantes bae.
  • Awak satilas Jangkung lenjang.
  • Awet jaya (ngora) Katenjona siga ngora bae.
  • Awet-rajet Dilarapkeun ka nu laki-rabi, lana tapi rea paceng-kadanana.
  • Awewe mah dulang tinande Awewe mah biasana kumaha lalaki/salaki.
  • Awewe mah tara cari ka Batawi Awewe mah tara nyiar kipayah.
  • Awi sadapuran tara lempeng kabeh Najan sarua saturunan, tapi perkara milik jeung rejeki mah tara sarua.
  • Aya (boga) garad Aya maksud nu dikemu, aya nu dipambrih, henteu iklas.
  • Aya astana sajeungkal Datangna ajal teu gumantung kana umur panjang. Naon-naon anu dianggap jajauheun, bisa wae kajadian.
  • Aya bagja teu daulat Rek meunang kauntungan atawa kabagjaan, tapi henteu tulus.
  • Aya buntutna Aya terusna (tina perkara) anu nguciwakeun.
  • Aya cukang (jalan) komo meuntas Kabeneran aya cukang lantaran pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan.
  • Aya dina sihung maung Dilarapkeun ka jelema nu loba hubungan jeung gegeden, jadi gampang meunang pitulung.
  • Aya gantar kakaitan Aya hal arm teu sapuk jeung hatena tapi teu dikedalkeun, henteu iklas pisan; atawa aya perkara atawa kajadian riaon-naon nu pasambung jeung kajadian anu ti heula.
  • Aya jalan komo meuntas Aya cukang lantaran pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan.
  • Aya jodo pakokolot Bisa ngajodo sanggeus papada kolot.
  • Aya jurig tumpak kuda Datang milik anu henteu disangka-sangka.
  • Aya kelong newo-newo Aya anu ngusutkeun (ngarorocet), padahal geus beres pisan tadina mah.
  • Aya nu dianjing cai Aya nu diheroan.
  • Aya (boga) pikir kadua leutik Aya kahayang anu henteu kanyahoan ku batur, upamana hal kacintaan.
  • Aya (boga) pikir kapingburi Aya kahayang anu timbul pandeuri; asal teu hayang jadi hayang, sanggeus lila ditimbang-timbang.
  • Ayakan tara meunang kancra Jelema bodo moal sarua gajihna atawa panghasilanana jeung jelema pinter.
  • Ayak-ayak beas, nu badag moncor nu lembut nyangsang Nuduhkeun kaayaan anu teu sawajarna upamana bae anu dihukum teh anu teu pira kasalahanana, ari nu gede kasa-lahanana teu dihukum.
  • Ayang-ayangan Tumerap kana perkara anu rea rambat kamalena.
  • Ayem tengtrem Euweuh kaributan atawa bancang pakewuh.
  • Ayeuh ngora Tumerap kana turunan nu maraot ngora-ngora.

  • Babalik pikir Ngarobah lampah goreng kana hade.
  • Babanteng jurit Pamanggul jurit.
  • Babon kapurba ku jago Awewe kudu nurut ka salaki.
  • Badak Cihea Degig, tara nanya.
  • Bagja kamanyangan Bagja gede.
  • Bahe carek Gampang nyarekan.
  • Balabar kawat Saembara.
  • Baleg tampele Mojang anu keur mangkat beger, tapi eraan keneh lamun panggih jeung lalaki.
  • Bali geusan ngajadi Lembur matuh, lemah cai, tempat lahir.
  • Balik jarami Ngagarap sawah anu kakara anggeus dipibuatan.
  • Balik ngaran Maot di lembur batur.
  • Balung kulit kotok meuting Kanyeri baheula ten leungit-leungit, henteu beresih pisan hatena, masih keneh ngunek-ngunek.
  • Balungbang timur caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan Rido, iklas, suka pisan.
  • Bancang pakewuh Pikasusaheun, picilakaeun.
  • Banda sasampiran, nyawa gagaduhan Ulah boga angkeuhan yen banda jeung nyawa bisa diatur ku urang.
  • Banda tatalang raga Leuwih hade ngorbankeun harta, tibatan cilaka awak.
  • Bangkong kolentang Sagala euweuh, teu boga duit pisan.
  • Banteng ngamuk gajah meta Kajadian atawa ririweuhan anu dipikasieun jeung dipikagigis.
  • Banting tulang Digawe popohoan.
  • Bapa heman Taya panarima, taya pamales budi ka nu geus nyieun kahadean.
  • Batan kapok kalah (anggur) gawok Kalah beuki maceuh.
  • Batok bulu eusi madu Henteu cocog jeung panenjo; siga bodo tapi pinter, siga miskin tapi beunghar jeung sajabana.
  • Batok kohok piring semplek Paparabotan nu taya hargana.
  • Batu turun keusik naek Cangkang sisindiran nu hartina itu purun kuring daek, dilarapkeun ka jalma anu sarua micintana.
  • Batur ngaler ieu ngidul Lain-lainna deui jeung nu keur diomongkeun ku batur.
  • Bau-bau sinduk Baraya keneh sanajan laer.
  • Beak dengkak Geus beak tarekah.
  • Beak ka lebu-lebuna Ledis, teu nyesa saeutik-eutik acan (harta banda).
  • Bear budi Gumbira.
  • Bebek ngoyor di sagara, rek nginum neangan cai Lubak-libuk tapi henteu bisa kapake lantaran lain hakna.
  • Bedah bendungan Kalah wowotan ku gogoda nu pohara.
  • Bengkok tikoro Teu kabagean kadaharan istimewa, lantaran teu datang atawa geus beakeun manten.
  • Bengkung ngariung bongkok ngaronyok Kajeun ripuh asal teu jauh jeung anak-incu.
  • Bentik curuk balas nunjuk, capetang balas miwarang Kabisana ngan nitah, teu daek prak sorangan.
  • Beres roes Runtut raut (nu laki-rabi).
  • Beulah hoean Siga hoe dibeulah, tonggong munding nu lintuh pisan.
  • Beungeut nyanghareup ati mungkir Henteu terus jeung hate.
  • Beunghar memeh boga Loba kahayang nu teu saimbang jeung kaayaandirina.
  • Beurat birit Hese ditutah-titah, kedul.
  • Beurat nyuhun beurat nanggung Kacida tumarimana.
  • Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeun inya Kacida narimakeunana kana kahadean batur, lantaran ditulungan dina waktu keur kacida butuhna.
  • Beureum paneureuy Hese pisan hasil maksud.
  • Beuteung anjingeun Beuteung anu gede ka luhur.
  • Beuteung mutiktrik berekat meunang Dahar seubeuh di nu hajat, ari balik mawa berekat.
  • Beuteung si eta mah ruas bungbas Teu aya kaseubeuhan.
  • Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang pasar Jaman geus robah, jelema oge loba nu ganti pacabakan, atawa robah-robah tingkah lakuna.
  • Bilatung ninggang dage Jelema teu jujur meunang kadudukan atawa kasempetan anu matak nguntungkeun keur dirina.
  • Birit aseupan Jelema nu diukna teu daek cicing, nyanggeyeng ka ditu, nyanggeyeng ka dieu.
  • Bisa ka bula (bala) ka bale Bisa campur jeung jelema ti rupa-rupa golongan, atawa bisa gawe kasar jeung gawe lemes.
  • Bisa lolondokan Bisa nuturkeun adat sakarep batur supaya akur, bisa ula-ilu.
  • Bisi aya ti cai ti geusan mandi Bisi aya nu kasigeung atawa ka-toel mamaras rasana.
  • Biwir aweweeun Sok ngedalkeun kecap-kecap nu kurang hade.
  • Biwir nyiru rombengeun(bbs): Sagala dicaritakeun anu saenyana kudu dirasiahkeun.
  • Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah Darma nepikeun maksud batur, lain niat sorangan.
  • Bobo sapanon carang sapakan Teu puguh undak-usukna, teu beres entep seureuhna; eta babasan sok dipake pamungkas carita, sasadu bisi salah pok-pokanana atawa pereleanana.
  • Bobor karahayuan Katarajang apes, cilaka, atawa meunang kasusah.
  • Bobot pangayon, timbang taraju Pangadilan, timbangan nu adil.
  • Bodo alewoh Bodo tapi daek tatanya.
  • Bodo katotoloyoh Tara daek tatanya, tara daek nurut kana nasehat batur.
  • Boga pikir rangkepan Henteu bolostrong, henteu ujug-ujug percaya kana omongan batur anu manis.
  • Boga sawah saicak Boga sawah saeutik.
  • Bogoh nogencang Bogoh sosoranganan, teu dilayanan. 
  • Bohong dirawuan Kacida rahulna.
  • Bojo denok sawah ledok Hirup senang lantaran boga pamajikan tegep jeung banda cukup.
  • Bongkok meongeun Semu bengkung ka tukang palebah cangkeng (awewe).
  • Bonteng ngalawan kadu Nu leutik ngalawan ka nu gede.
  • Borangan ku surak Eraan dina gempungan jalma rea.
  • Bosongot bade amprotan Pikagigiseun (kana beungeut), pikagimireun, pasemon jagoan.
  • Bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah Jalma beunghar nepi ka barangteundeun teu puguh tempatna sabab barangna loba.
  • Buah ati/buah hate Kakasih.
  • Bubu ngawaregan cocok Mere nasehat atawa nyieun aturan anu balukarna nguntungkeun sorangan.
  • Buburuh nyatu diupah beas Neangan pangarti bari meunang tunjangan, meunang dua rupa kauntungan.
  • Budak bau jaringao keneh Budak can aya kanyaho, budak olol-leho.
  • Budak olol leho keneh Pamoyok ka jalma ngora nu tacan boga pangalaman dina pagawean.
  • Budak rodek hulu Budak can aya kanyaho.
  • Budi santri legeg lebe, ari lampah euwah-euwah Jelema anu omongan jeung kalakuanana kawas enya jelema bener, padahal saenyana mah jahat.
  • Bujang jengglengan Jajaka tulen sarta tegep.
  • Bujang tarangna Lalaki anu can kawin geus teu bujang deui.
  • Bulan alaeun Kakandungan anu geus nincak salapan bulan.
  • Bulu taneuh Tukang tani, patani.
  • Buncir leuit loba duit Beunghar, taya kakurang.
  • Bungah amarwatasuta Bungah sagede anak gunung, bungah pisan.
  • Bungbulang tunda Tunda talatah, dikeunakeun ka jalma nu dititah baranggawe taraprak ku sorangan, tapi kalah sok nitah deui ka batur.
  • Buntu laku Teu bisa neruskeun usaha atawa pagawean.
  • Buntut kasiran Koret, kumed, medit.
  • Bur beureum bur hideung, hurung nangtung siang leumpang Hirup senang taya kakurang, salilana ginding.
  • Buruk-buruk papan jati Sanajan ngewa/ambek ka dulur/baraya nu landes, ari manehna meunang karerepet mah teu weleh hayang nulungan jeung ngahampura kasalahanana, henteu ngantep.
  • Burung palung dulur sorangan Sanajan ngewa/ambek ka dulur/ baraya nu landes, ari manehna meunang karerepet mah teu weleh hayang nulungan jeung ngahampura kasalahanana,henteu ngantep.
  • Buta terong Pamoyok ka jelema nu goreng patut, katurug-turug sagala beuki.
  • Butamuna Bodo balilu, teu nyaho naon-naon.
  • Butatuli Teu nyaho naon-naon.


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Paribasa Sunda nu Dimimitian tina Huruf A-B

Posting Komentar