Kamus Sunda Rupa-Rupa Diuk jeung Sila

Dijual Buku Antik dan Langka

Sila  diuk bari nikelkeun suku duananahandapeun pingping nu didéngkakkeun. 
Sila andekak  sila semu rubak, biasana bari nyanghareupan kadaharan. 
Sila ipis  sila rubak, tuur anggang pisan tepi ka jébrag. 
Sila mando  sila bari leungeun duanana aya diantara dua suku nu ditumpangkeun, awak biasana semu doyong ka hareup. 
Sila tumpang  sila bari dampal suku duanana numpang dina pingping kénca katuhu. 
Sila tutug  suku nu sabeulah sila, sedeng nu sabeulah deui ditutugkeun.

Andegléng  diuk ajeg tumaninah dina korsi.
Andeprok  emok rakep (awéwé).
Anjeucleu 
 diuk ngeunah-ngeunah di tempat nu rada luhur (dina tonggong munding, kuda, jst).

Campego 
 diuk sababaraha lilana kawas nu didagoan.
Candeluk 
 diuk sababaraha lilana kawas aya nu didagoan.
Cangogo atawa cingogo = nagog, peta saperti nu keur bubuang.


Sidengdang  diuk bari suku duanana dirumbaykeun (biasana diuk di imah panggung nu aya kolongan).
Sideuha  diuk emok atawa sila bari leungeun sabeulah dipaké nulak awak.
Sila 
 diuk bari nikelkeun suku duanana handapeun pingping nu didengkakkeun.

Campego  cingogo kawas aya nu didagoan. 
Candeluk  diuk sabaraha lila kawas aya nu didagoan.
Cangogo/cingogo 
 nagog, peta saperti nu keur bubuang.

Émok  diuk awéwé, sukuna duanana ditikelkeun semu ka gigir ditindihan ku dua pingping.
Émok cabok 
 émok nu pingpingna dipatumpangkeun.

Nagog  cingogo.
Nanggeuy gado 
 diuk biasa ngan leungeun sabeulah dipaké nanggeuy gado ; diuk naggeuy gado biasana keur ngalamun atawa baringung pipikiran.
Ngabaheuhay 
 diuk nyanghunjar bari suku direnggangkeun, biasana lantaran capé.
Ngabebengkong 
 diuk rada lila semu bengkung, bari nganggur.
Ngalageday/ngalegeday 
 diuk nyangsaya (biasana dina korsi males, jsté).
Nyanghunjar 
 diuk bari ngalinjorkeun suku sabeulah.
Nyanghunjar lambar 
 diuk bari ngalinjorkeun suku duanana.
Nyangsaya 
 diuk bari nyarandékeun awak kana tempat nu disarandéan.

Sidéngdang  diuk bari suku duanana dirumbaykeun (biasana diuk di imah panggung nu aya kolongan). Lamun sukuna duanana diayun-ayun disebutna ucang-ucangan. Lamun sukuna diayun-ayun bari didiukan budak disebutna ucanganggé (sarupa kaulinan).



Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Kamus Sunda Rupa-Rupa Diuk jeung Sila

Posting Komentar