Carpon tina Buku Basa Sunda Umi jeung Udi

Dijual Buku Antik dan Langka

Carpon tina Buku Basa Sunda Umi jeung Udi



Umi Naék ka Kelas Dua 
Raporna aya angka beureuman. Ngagambarna meunang lima. Tapi ngitung jeung maca meunang tujuh.

Barudak teu lila di sakola. Sanggeus Pa Penilik mulih, sakola tuluy bubar.

Umi buru buru balik.


Ti buruan kénéh geus gegeroan.


"Ma ... Ma naék ...... naék !"


Emana norojol ti dapur.



Carpon tina Buku Basa Sunda Umi jeung Udi



"Sukur naék mah." 

"Ku maha Udi naék deuih?"


"Duka, da teu papendak, cios ka Bandung téh, Ma ? "Da abdi tos naék."


"Heug, bari mapagkeun Nana. Tapi Umi jeung Udi kudu ka Ua heula di Sirnagalih. Kudu ngéndong, saurna. Pakaulan naék. Tuh di dapur geus aya piwarangan Ua. Ngahaja mapagkeun."


"Ari ka Bandung iraha ?"


"Engké balik ti Sirnagalih. Isukan ka ditu jeung Udi. Mana raporna Mi ?" "Geuning ngagambar ngan lima. Nu séjénna mah alus."


Umi nyéréngéh: "Sesah ngambar mah, Ma !"


"Diajar atuh ka Kang Udi !"


Tuluy Umi ka dapur mukaan lomari, tapi can aya nanaon.


"Sangu mah can aya. Itu wé sangu ketan dina méja. Opak dina kaléng. Ti Ua, keur Udi jeung Umi." ***   Dicutat tina Umi jeung Udi 1975 Tarate Bandung - Kenging R. Momon Wirakusumah dkk


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Carpon tina Buku Basa Sunda Umi jeung Udi

Posting Komentar