Bobodoran Darman jeung Udin

Dijual Buku Antik dan Langka







Darman: Din, ka dieu sakeudeung ... 

Udin: Aya naon kang ? Meni asa rareuwas ...

Darman: Béjana didinya sok rajeun jual beuli ?

Udin: Muhun kang ...

Darman: Jual beli ka nu naon ?

Udin: Ka nu Bahan bangunan ...

Darman: Tah, kabénéran pisan. Ari bata beureum aya teu ?

Udin: Seueur ... 

Darman: Cik sabaraha hijina? Akang keur butuh pisan ...

Udin: Wios ka akang mah, lima ratus rupia ...

Darman: Opatratus Din lah, duitna euweuh deui ...

Udin: Opat satengah upami badé mah kang, ké ku abdi dipasihan anu pang saena ...

Darman: Lamun opatratus, anteurkeun ayeuna ka imah ...

Udin: Sok wé lah. Isin ku akang mah. Peryogi sabaraha treuk ?

Darman: Ah, hiji we Din, butuh keur maledog mitoha. Geuleuh atuh da meni pedit ...


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Bobodoran Darman jeung Udin

Posting Komentar