Sajak Tanah Sunda Karya Ajip Rosidi

Dijual Buku Antik dan Langka


sajak tanah sunda - ajip rosidi



Tanah Sunda 
Ke manapun berjalan, terpandang
daerah ramah di sana
Ke manapun ngembara, kujumpa
manusia hati terbuka
mesra menerima

Pabilapun berseru menggetar nyanyi
suara rindu bersenandung duka
Pabilapun bertemu. menggetar hati
sawang lepas terhampar luas
dunia hijau muda

Riak sungai pagi-pagi
Angin keras menyibak rambut di dahi
Dan ku lihat tanah penuh darah
tubuh beku terbaring kayu
menggapaikan tangan sia - sia
berserupun sia - sia

Ah, di manapun kau bukakan rangkuman
ku kan menetap di sana
Kapanpun kaulambaikan tangan
ku kan datang
menekankan jantung ke tanah hitam
Ajip Rosidi 


Sawah 
Sawah di bawah emas padu
Padi melambai, melalai terkulai
Naik suara salung serunai
Sejuk didengar, mendamaikan kalbu

Sungai bersinar, menyilaukan mata
Menyemburkan buih warna pelangi
Anak mandi bersuka hati
Berkejar - kejaran, berseru gempita

Langit lanzuardi bersih sungguh
Burung elang melayang - layang
Sebatang kara dalam udara

Desik berdesik daun buluh
Dibuat angin dengan sayang
ayam berkokok, sayup suara
Sanusi Pane


Pa Tani Ngagarap Sawah
Pa Tani ngamimitian nyambut sawahna teh dina mangsa mamareng. Nu munggaran digarap (dipagawe) teh pabinihan, tempatna dina salah sahiji kotakan nu panglendona. Tara kungsi sakotak mun sawahna teu pati lega mah, pabinihanana teh, matak sok dina babaladon ge nu deukeut kana sangapan (huluwotan) ngarah gampang ngocorkeun cai. Pare pabinihan dipilih heula,bisi pacampur jeung cere atawa ketan.

Beunang milih, kakara diirik atawa dikerok, dipuragkeun bangsalna tina geugeusan. Samemeh ditebarkeun (disebarkeun), mudu dikeueum heula. Malah baheula pisan mah, nebarkeun teh sok ranggeuyanana bae teu kungsi di irik heula. Pawinian teh diatur diheuleurankeun dijadikeun sababaraha heuleur, tuluy disegeg,malah sok ditanjeban bebegig sagala, minangka panyingsieunan manuk. Sarengsenatebar, kakara mitembeyan macul (ngabaladah atawa ngawalajar).


Sangkan riduh taneuhna mah, sok digoyor ku cai. Tina kotakan nu hiji kana kotakan nu hiji deui, make kocoran, mun dina balong mah minangka palayangan.


Rajeun oge ngagarap sawah teh ngagunakeun munding. Tapi pacul mah teu tinggaleun najan ku munding oge, Sabab mudu aya nu ngajurukan, nya eta  ngimeutan anu teu katepi ku singkal Sangkan kira-kira jujukutanana geus buruk katindiahan ku tai singkal atawa tai pacul, kakara dibalik. Mun geus riduh pisan taneuhna,tuluy diangler atawa digaru sangkan taneuhna layur pisan. Jujukutanana sina jadi gemuk, bari dirarata sangkan kotakan rata kacaianana.


Nya harita galengan ditampingan. Sawah angar mah sok didangkal digemukan, komo sawah tadah hujan mah, atawa sawah geledug, perlu naker digemuk teh, teu aran sawah nu lendo. Biasana sawah nu meunang cai hirup, parena montok, arang nu keri, ngan hanjakal sok ayeuh, mun kiwari mah loba teuing gemuk orea meureun. Sanggeus binih umur 40 poe tuluy dibabutan, dibeungkeutan ka tengah . Samemeh dialung-alungkeun katengah kotakan beunang ngangler, diteukteukan heula pucukna. Ngalungkeunana di rahcalkeun.


Sakapeung babut teh sok bareng bae jeung tandur mudu diwawadi an mudu apik ulah garewol, ulah omboy teuing, ulah cetek teuing tandurna. Komo nu ngabedug mah,mudu aya nu ngajejeran bae da sok aya anu malalenting digarawena teh ari dikoncer mah. Biasana anu baluburuh magawe, tandu, babut jeung sajabanamudu bae disuguhan dahar jeung ngopi,aya oge anu pur manuk


Sanggeus lima,genep poe ti tas ditanduran pare teh lilir,aya oge anu paeh,mun kitu mudu gancang diayuman.


Mun geus gumunda, mudu geuwat dirabut dijambretan jujukutanana bari dilelep-lelepkeun ku suku sangkan jadi gemuk. Dina ngarambet mindo, mudu bareng jeung nyacar galeng . Teu kungsi lila nungguan, mun geus ngarambet mindo mah,sok tuluy papak daun,nyiram reuneuh,reuneuh beukah, celetu kumisi, rampak beuneur hejo harayhay, koneng, jujurahan asak bae. Waktuna dibuat nu boga sawah geus sadia keur nyalin.


Saung sanggar dihias ku janur jeung sulangkar geus dibawa ka sawah.

Jero saung sanggar dieusian pangradinan rurujakan, kupat, tangtangangin ,puncak manik jeung sajabana. Mangsa nurunan sok nyawen malah sok make umbul-umbul sagala. Sanggeus tarapti mah prak bae nyalin.
Anu derep atawa gacong mareunang babon, minangka upahna.

Mana disebut gacong oge,pihartieunana tina sasangga sapocong upahna teh. ti teungahan eundan di kunjalan ka saung atawa ka lembur. Biasana saung didegkeunana dina tetelar, sangkan teu ebrik sangkan tumaninah mun dipake moe.


Ti beurang eundan dipoe, dijeblag atawa didaray, ambeh tuhurna tereh,mun geus burit ditumpuk deui. Sanggeus kitu tuluy dipangkek. Nu marangkek dariuknna dina dingklik bari nyarekelan pakuj jeung tali eundan. Eundanna ditiliman ku nyiru minangka nandean heucakna.


Sanggeus tuhur diangkut,nu diheulakeu ibu. Malah ngakut pare jaman harita mah, make sok iring-iringan, raramean make rengkong sagala.

Dileuitna tara dielep di alungge tara, jeung gogorontongna ditungtut digempel.***


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Sajak Tanah Sunda Karya Ajip Rosidi

Posting Komentar