Biografi Dewi Sartika Versi Bahasa Sunda

Dijual Buku Antik dan Langka
Sakola Kautamaan Istri Dewi Sartika di Jalan Ciguriang Bandung 1900-1930


Biografi Dewi Sartika Berbahasa Sunda

Dewi Sartika dibabarkeun ti kulawarga menak Sunda, Nyi Raden Rajapermas sareng Raden Somanagara. Sanaos ngalanggar adat mangsa harita, sepuhna keukeuh-peuteukeuh nyakolakeun Dewi Sartika ka sakola Walanda. Sapupusna ramana, Dewi Sartika dirawatan ku ingkang pamanna (raka ibuna) anu nganjrek oge nyangking patih di Cicalengka. Ti ingkang pamanna, anjeungna kenging atikan ngeunaan kasundaan, sedengkeun wawasan kabudayaan Barat kekengingan ku atikanana nyonya Asisten Residen bangsa Walanda.

Bakat Ngawulang
Ti alit keneh, Dewi Sartika geus ninggalikeun bakat dina ngawulang oge kajununan dina ngahontal kamajuan. Bari amengan di pengkereun gedong kapatihan, anjeuna sering ngaragakeun prak-prakan di sakola, ngawulang maca sareng nyerat , tur basa Walanda, ka barudak babu jeung jongos di kapatihan. Papan tulis na ku kandang kareta, areng, djeung talawengkar (peupeusan kenteng) minangka pakakas bantu atikanana.

Mangsa harita Dewi Sartika nembe nicak yuswa sapuluh taun, nalika Cicalengka digemparkeun ku kamampuan baca-tulis jeung sawatara kecap dina basa Walanda nu dijentrekeun ku barudak babu/jongos kapatihan. Guyur, sabab mangsa harita acan loba barudak (komo barudak rahayat leutik) miboga kamampuhan saperti kitu, jeung diatikna ku hiji nonoman wanoja.

Mangsa Rumaja Putri

Nalika geus nincak rumaja putri, Dewi Sartika mulih deui ka ibuna di Bandung. Jiwana anu beuki dewasa beuki ngadorong keur ngawujudkeun cita-citana.

Hal ieu didorong oge ku pamanna, Bupati Martanagara, pamanna kuanjeun, anu saleresna ngagaduhan kahoyong anu sami. Tapi, sanaos kahoyong anu sami kapimilik ku pamanna, henteu ngajantenkeun sakali gus ngwujudkeun cita-citana.

Adat anu ngurung kaom wanita jaman harita, ngajantenkeun pamanna ngalakonan kasulitan sareng janten mangmang. Tapi kumargi kaistiqomahan sareng sumanget nu teu ketat-ketat, akhirna Dewi Sartika tiasa ngayakinkeun pamanna jeung diwidian ngadegkeun sakola keur wanoja.

Jatu Krami
Taun 1906, Dewi Sartika nikah ka Raden Kanduruan Agah Suriawinata, salah sahiji anu kagungan paninggal (visi) cita-cita anu sami, guru di Sakola Karang Pamulang, anu mangsa harita ngarupakeun Sakola Latihan Guru.

Ngadegkeun Sakola

Ti ngawitan taun 1902, Dewi Sartika tos naratas atikan keur kaom wanoja. Di hiji rohangan leutik, di pengkereun bumi ibuna di Bandung, Dewi Sartika ngawulang di payuneun anggota kuluwarga wanoja kayaning ngarenda, masak, ngaput, maca, nulis, jeung sajabana, jadi bahan atikan mangsa harita.

Rengse rempugan sareng Bupati R.A. Martenagara, dina ping Januari 1904, Dewi Sartika muka Sakola Istri (Sekolah Perempuan) nu munggaran sa-Hindia-Belanda. Tanaga nu ngawulangna aya tiluan. Dewi Sartika dibantu dua saderek misan, Ny. Poerwa sareng Nyi Oewid. Murid-murid angkatan munggranna aya 20 urang, make rohangan pendopo kabupaten Bandung.

Satahun sabadana, 1905, sakolana nambahan kelas, nepikeun ka kudu pindah ka Jalan Ciguriang, Kebon Cau. Lokasi anyar ieu digaleuh ku Dewi Sartika ku duit tabungan pribadina, sarta bantuan dana pribadi ti Bupati Bandung. Lulusan munggaran kaluar dina taun 1909, ngabuktikeun ka bangsa urang yen wanoja miboga kamampuhan anu teu aya bedana ti kaom pria. Taun 1910, ngagunakan hartana pribadi, sakolahna diomean deui nepi ka bisa leuwih minuhan syarat kalengkepan sakola pormal.

Dina taun-taun saterusna di sawatara wewengkon Pasundan rabeng sawatara Sakola Istri, utamana anu diolah ku para wanoja Sunda nu miboga cita-cita nu sarua jeung Dewi Sartika. Dina taun 1912 geus ngadeg salapan Sakola Istri di kota-kota kabupaten (satengah ti sakabeh kota kabupaten sa-Pasundan).

Asup kana yuswa ka-sapuluh, taun 1914, ngaran sakolana diganti jadi Sakola Kautamaan Istri (Sekolah Keutamaan Perempuan). Kota-kota kabupaten wewengkon Pasundan anu tacan miboga Sakola Kautamaan Istri tinggal tilu tempat, sumanget ieu meuntas ka Bukittinggi, di mana Sakola Kautamaan Istri diadegkeun ku Encik Rama Saleh. Sakuliah wewengkon Pasundan lengkep miboga Sakola Kautamaan Istri di tunggal kota kabupatenna dina taun 1920, ditambah ku sawatara anu ngadeg di kota kewadanaan.

Bulan September 1929,Dewi Sartika ngayakeun pangelingeling ngadegna sakolana nu geus nincak 25 tahun, anu saterusna ganti ngaran jadi "Sakola Raden Déwi". Ku jasana dina widang ieu, Dewi Sartika dileler ku bintang jasa ti pamarentah Hindia-Belanda.

Tilar Dunya
Dewi Sartika pupus ping 11 September 1947 di Tasikmalaya, sarta dimakamkeun nganggo hiji upacara pamakaman nu basajan di pamakaman Cigagadon-Desa Rahayu Kecamatan Cineam. Tilu taun sabadana dimakamkeun deui di komplek Pemakaman Bupati Bandung di Jalan Karang Anyar, Bandung.
Dewi Sartika lahir di Bandung, 4 Desember 1884 – wafat di Tasikmalaya, 11 September 1947 dina yuswa 62 taun.


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Biografi Dewi Sartika Versi Bahasa Sunda

Posting Komentar