Dongeng Sunda Si Kabayan Nyapih nu Pasea

Dijual Buku Antik dan Langka


si kabayan



Si Kabayan Nyapih nu Pasea

Di hiji lembur aya nu hajat, Sanggeus ondangan bubar, di tepas aya keneh limaan anu keur parasea. Maranehna parebut bakakak hayam. Nu limaan teh, lurah, pamajikanana, anakna duaan jeung tua kampung. Sarerea pada hayang meunang bagian penggedena.

Keur parasea kitu, lar si Kabayan ngaliwat.
Ceuk lurah : " Tah, kabeneran aya si Kabayan. Ka dieu Kabayan ! Cing pangbagikeun ieu kalimaan. Sing adil nya !!!

Si Kabayan : " Hade ari percaya mah ka kuring. " Ceg si bakakak teh dicekel. Si Kabayan nyanghareup ka lurah bari pok ngomong : " Ieu huluna bagian Pa Lurah. Kudu ditarima da Pa Lurah teh jadi kapala. Ari ieu keur Ibu. "  Bari sok mikeun tunggir ka Nyi Lurah : "  Ibu teh kudu nurut ka Bapak Lurah, nu matak dibere tunggir. Lantaran tunggir nu nuturkeun hulu."

Cekerna duanana bagian tua kampung, da cenah tukang angkag-ingkig dititahan ku lurah.
Ari jangjangna dibikeun ka anak lurah, sabeulah sewang. Pajar teh ambeh lalampar ari geus galede.
Tinggal awak na ngaguruntul.

Ceuk si Kabayan : " Tah ayeuna tinggal awakna. Galatak-gulutuk teu walakaya. Teu bisa ingkah teu bisa meta. Mun jelema mah, jelema bodo. Ari anu bodo teh nya kuring. Jadi ieu mah bagian kuring anu bodo."


Bari ngomong kitu leos wae si Kabayan indit. Awak hayam dibungkus ku daun cau. Ceuk dina hatena : "Mun unggal poe aya nu parebut bakakak, meureun aing seubeuh." 

Nu limaan bati olohok nenjo si Kabayan ngabengbeos teh. Tina:Nani Resep Maca Jilid 5. 1983.
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Si Kabayan Nyapih nu Pasea

Posting Komentar