Biografi Moh Ambri Bahasa Sunda

Dijual Buku Antik dan Langka

Moh. Ambri 

Biografi Sastrawan Sunda Moh. Ambri

Mohammad Ambri dilahirkeun tanggal 8 September 1882 di Sumedang sarta tilar dunya di Jakarta tanggal 5 April 1936, sastrawan realis Sunda pininjul.

Satamatna Sakola guru (Kweekscholl), diangkat jadi calon guru HIS di Semarang, dialihkeun ka Tasikmalaya, Sumedang, Purwakarta, Bandung, tuluy jadi guru Sakola Guru Normal (Normaalscholl) di Purwakarta. Taun 1931 liren ngawulang diangkat jadi direktur Bale Pustaka nepi ka pupusna (1936).

Dina kurang leuwih lima taun didamel di Bale Pustaka, anjeunna medalkeun genep judul buku karangan asli, genepwelas judul tarjamahan katut saduran.

Diantara karangan anu populer nya eta : Ngawadalkeun Nyawa, Burak Siluman, Munjung, Lain Eta, Numbuk Di sue, Pusaka Ratu Teluh, Pependeman Nabi Sulaiman, jeung Si Babayan jadi dukun.

Moh. Ambri nyadur sawatara carita tina Sarebu Samalem (Alf Layla wa Layla) anu tadina medal misah-misah, nya eta Palika jeung Jin, Buah Koldi, Lalakon Saepulmuluk jeung Istri Pelit.

Sakadar keur panganteur karangan-karanganana ka masyarakat hentu cukup ku katerangan yen Mohammad Ambri teh kasebut ahli lelembut, tabah kana elmu batin bangsa anu gaib-gaib, dumeh loba karanganana anu patali jeung jurig atawa setan siluman.

Nu nengetan basana, moal boa nyebutkeun, yen Mohammad Ambri nyicinganana tempat dina dunya kasusastraan Sunda teh lantaran basana hirup. Anggapan kitu teu salah, da basa teh lantaran hirupna jiwa nu ngabasakeun.

Basa (bahasa ) Ambri henteu alus, tegesna henteu direka-reka saperti ilaharna basa pangarang Sunda nu sok pinuh ku purwakanti jeung mamanis basa lianna, tapi sawatara kecap-kecap anu basajan oge, jol breh karasa kahirupan nu saujratna nu sanyata-nyatana.

Tetela nu disuguhkeun ku Ambri lain panglamuran, lain kahirupan nu disawang ti kaanggangan, tapi kahirupan nu dijugjugan ku soragan, diteuleuman nepi ka dasar-dasarna. Dicutat tina Munjung Karangan. Moh. Ambri. Kiblat Buku
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Biografi Moh Ambri Bahasa Sunda

Posting Komentar