Dongeng Sunda Budak Teuneung

Dijual Buku Antik dan Langka

dongeng sunda budak teuneung
Kampung di Priangan jaman baheula 


Dongeng Sunda Budak Teuneung 
Geus lila Maman ditinggalkeun maot ku indung bapana. Manéhna jadi budak pahatu lalis. Ayeuna cicing di Uana, lanceuk bapana Maman. Mindeng unggal poé seubeuh ku carék, da Uana téh galak nya pedit. Mindeng Maman ceurik balilihan, ari ras inget ka indung bapana anu tos teu aya dikieuna.

Kumindengna aya dina kasangsaraan, Maman jadi hiji budak anu teuneung ludeung, hanteu borangan. Kamana baé ogé manéhna mah ludeung. Ngala suluh ka leuweung ogé maman mah nyorangan baé.


Dina hiji poé waktu manéhna keur ngala suluh di leuweung, na atuh keur jongjon ngala suluh, ana gaur téh maung rék ngerekeb Maman. Maman kacida reuwasna, rét ka belah kenca, duka ti mana jolna, aya munding leuweung keur nyatuan. Teu antapwarah deui jleng Maman muru munding, Maman depa handapeun beuteung munding.


Barang maung ngarontok, munding leuweung ngagadilkeun tandukna kana beuteung maung. Jedak !!! beuteung maung digadil, éta mah eusi beuteung maung mani amburadul. Maman salamet, manéhna nangtung terus ngusapan hulu munding.


Munding cicing baé diusapan téh, bari kucap kiceup, na jero haté munding meureun nanya kieu : " Na atuh manéh téh jig-jig ka leuweung budak teuneung ... ???  Dicutat tina: Caraka Pangajaran Basa Sunda


Dongeng Sunda Si Rawing
Wawacan Panji Wulung
Sasakala Situ Cikuda Gunung Manglayang

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Budak Teuneung

Posting Komentar