Sejarah Bandung Bahasa Sunda

Dijual Buku Antik dan Langka

bandung tempo dulu 1932


Asal Usul Ngadegna Kota Bandung

Sawarehna jalma-jalma kiwari nu sapopoe nyeuseup hawa Kota Bandung, kawasna bae langka anu daek nyawang hese-beleke ngadegkeun jeung ngawangun ieu kota.

Buktina aya keneh, mun teu rek disebut loba oge, anu apilain kana aturan-aturan enggoning ngamumulena.

Padahal memeh aya teh euweuh heula. Memeh jadi kota, leuweung heula. Memeh rame, tiiseun heula. Jeung memeh resik, ramijud heula.
Beunang saha eta teh ?
Karya karuhun-karuhun urang baheula. Hasil gawe jalma-jalma samemeh urang ayeuna.
Aranjeuna banting-tulangna mah. Urang kari senangna.

Kulantaran kitu, kacida teuing pantesna, lamun gawe urang cicing-cicing sila ipis, ngararasakeun kagenahan ladang kesang batur. Mistina urang teh kudu rancage. Nu ruksak diomean nu goreng dialusan, nu geus aya dipiara jeung nu euweuh diayakeun rasakeuneun anak-incu jaga (engke). Kilangbara kitu, atuh ulah ngarurujit atawa ngaruksak.

Tah ku eta sabab eta, nu nulis rek ngajak ka balarea mulangkeun panineungan ka jaman-jaman anu geus kaliwat, supaya nyaho yen kota Bandung nepi ka bisa kieu teh, lain hasil nangkeup tuur. Tapi buahna pangorbanan nu pohara gedena jeung berjuang nu ratusan taun lilana, tur bari henteu babari deuih.

Seueur sepuh nu ngawitan kagungan damel ngabukbak leuweung keur pikotaeun teh, nyaeta R.Indradiredja nu nganggo gelar R.Adipati Wiranatakusumah, Dalem Bandung anu ngasta Kabupaten Bandung ti taun 1794 nepi ka taun 1829

Dina taun 1810 anjeunna nampi piwarang Gubernur jenderal Daendels mindahkeun dayeuh Bandung ti Citeureup (Dayeuhkolot) ka Cikapundung (Bandung Kiwari) sangkan ngadeukeutan Jalan Raya Anyer Panarukan. Ari maksudna Tuan Besar, pikeun ngagampangkeun hubungan antara Puser Daerah.

Puguh bae ieu teh lain enteng-enteng pagawean, lain sanghareupaneun memeh sasarap, kawantu kaayaan patalimarga harita pohara sulitna. Atuh tempat nu rek dipindahan masih keneh leuweung geledegan.

Jaba ti eta adat kepercayaan nu baheula kudu dipageuhan deuih, yen nyumponan caturangga karuhun, nya eta tempat nu hade perenahna, sangkan bisa ngadatangkeun kamahmuran ka nagara.

Kurang leuwih sanggeusna kaluar, surat parentah gubernur Jendral dina tanggal 25 Mei 1811, dayeuh kabupaten teh kakara bisa dipindahkeun ti Citeuruepna. Tapi kitu oge teu bisa sakali jadi, mimitina mah ucla-acle caung-caung heula.

Sanggeus sababaraha kali pipindahan, nya meunang tempat nu merenah cumpon kana caturangga karuhun. Kaayanana bahe ngaler dengdek ngetan cenah mah urut pangguyangan badak putih. Ari perenahna kuloneun Kantor PLN ayeuna nu harita mah masih keneh leuweung gerotan.

Jelema-jelema nu digarawekeunana timimiti ngabukbak leuweung nepi kanyieun Gedong Kabupaten kabeh urang lembur Balubur-Hilir nu keuna ku ku lakom-gawe (herendienst = herdines). Bisa jadi maranehna teh nu kungsi dikerjapaksakeun ku Daendels waktu nyieun jalan gede (Jalan Raya Pos) tea.

Jasa maranehna ku dalem teu dilalaworakeun. Sanggeus kabupaten rengse, eta jelema-jelema teh dimerdekakeun tina herendienst. Tah minangka pangeling-ngelingna ti mimiti harita lembur pamatuhanana (Balubur-Hilir) diganti ngaranna jadi kampung, Merdika (Merdika Lio) tug nepi ka kiwari.

Beres gedong Kabupaten, nya lajeng Kangjeng miwarang ngadamel masjid.
Eta dayeuh kabupaten nu anyar teh dingaranan Bandung.

Bandung hartina Gede. Ayeuna ieu teu kecap geus teu ilahar dipake. Paling-paling sok kadenge dina carita-carita pantun, saperti bale bandung, leuit bandung jeung sajabana.

Saur Pa Akip Prawirasoeganda almarhum kieu : Luluhur urang Sunda nyieun tempat ngaran Bandung teh, lain pedah di dinya (palebah Kantor PLN, ayeuna.) aya sumur gede nu tara saat tapi dipake perlambang oge supaya bisa narik daya ku maksudna eta kecap. Sabab di bangsa urang mah baheula entong boroning sipat barang, najan ngaran naon bae ngabogaan daya gaib. Nu matak dina ngaran oge dipilih anu hade, supaya budakna jadi mulus, salamet hirupna.
Kajaba ti eta kecap Bandung teh tina dina harti kabujanggan, sindir tina bendungan napsu atawa bandung nya eta rakit pangganti meuntas atawa lalayaran.

Jadi Bandung teh ngandung harti malahmandar kakuatan daya gaibb eta ngaran ka hareupna bisa narik daya pangbendung napsu angkaramurka pingeusaneun meuntas kana kasalametan, kamulyaan, kaluhuran Nusa jeung Bangsa. Kitu saur Pa Akip.

Dalem R. Adipati Wiranatakusumah pohara rajinna, nepi ka loba rahayat ti mana-mana, anu bubuara di dayeuh Kabupaten anyar.

Kangjeng Dalem jadina Bupati di kota anyar teu lami, mung 18 taun. Kabujeng mulih ka jati mulang ka asal, dipundut ku Nu Rahayu, dina taun 1928.

Dipendemna di pungkureun Masjid Agung Bandung. Nya sabada pupus anjeunna katelah Dalem Kaum.

Nurutkeun salsilah sajarah, Bupati R. Adipati Wiranatakusumah teh, tarahing Pajajaran, teureuh Prabu Siliwangi, ti putrana nu jenengan Sunan Permana di Puntang. Bahan: "Sajarah Sunda".


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Sejarah Bandung Bahasa Sunda

Posting Komentar