Carita Wayang Sunda Lalakon Pandawa Lima

Dijual Buku Antik dan Langka

wayang golek Lalakon Pandawa Lima

Lalakon Pandawa Lima 
Putra Pandawa ayeuna parantos ngadeg raja, kagungan nagara ku anjeun, nanging teu acan tibra manahna, pedah wewengkonna: teu sabaraha legana. Ku margi eta para saderek anu lima pada tawekal ngalegaan bawahan : Arjuna majeng ngaler, Bima ngetan, SadeWa ngidulan Nakula ngulon, Semihaji dina puseurna ngaheuyeuk dayeuh, nu minangka jadi rajana.

Barang parantos ngaraos jembar bawahan, lajeng Pandawa ngayakeun pesta ngaruat nagara, ngondang para raja manca-nagara, malah Korawa oge ti Astina dihaturanan linggih.

Der pesta rame taya papadana, kawantu pesta raja, sakalian bari nongtonkeun karaton anu nembe pisan parantos. Sabubarna pestaan Duryodana mah sareng Sringkuning, kapirai ibuna Duryodana, henteu enggal-enggal mulih ka Astina, ngendek heula di karaton saderek misanna, wireh hayang imeut kana unak-anikna karaton, anu sakitu matak hookeunana, turug-turug aya manah hoyong niru deuih.

Nanging salamina Duryodana di dinya teh, sanes matak leler kana kajudesan manahna, anggur sirik pidik ka saderek wuwuh-wuwuh, tina pedah asa kaelehkeun tur inggis kalindih deuih. Ari ka-wuwuh-wuwuh sering kenging wiwirang, kabitur kadusunanana.

Meh saban dinten jadi gugujon jadi gogonjakan para Pandawa, sumawonten na Bima mah, ngagumujengkeuna.na teh sareng akey-akeyan sagala, teu euleum-euleum nunjuk nganunan nu kaisieunan teh. Teu aja pisan ngomah-ngomahanana kana kawirang tamu teh, nja eta tina parantos pada ngandung ati ti tadina tea. Ari Duryodana neumbag kaca, atanapi ngarenjag ningali kalangkang ku anjeun, ku Bima enggal dilelewaan. Tina: Panyungsi Basa V. Karangan : Suria Diradja. ***

Artikel Sejenna :

Carita Wayang Bahasa Sunda - Ngadegna Amarta
Dongeng Sunda Si Rawing
Carita Wayang Bahasa Sunda Sugriwa jeung Subali
Pesta Kariaan di garut Jaman Baheula
Dongeng Sunda Sasakala Gunung Cupu Purwakarta
Dongeng Sunda Nyi Roro Kidul
Biografi Bahasa Sunda Oto Iskandar Dinata
Dongeng Sunda Baheula Si Dirun
Carita Budak Tukang Lalajo Wayang
Sejarah Bandung Dina Bahasa Sunda
Biografi Dewi Sartika Dina Bahasa Sunda
Dongeng Sunda Si Kabayan Hitut
Sejarah Tenun Majalaya Bahasa Sunda
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Carita Wayang Sunda Lalakon Pandawa Lima

Posting Komentar