Adat Perkawinan Orang Sunda | Bahasa Sunda

Dijual Buku Antik dan Langka




Adat Perkawinan Orang Sunda | Bahasa Sunda
Acara Pernikahan Suku Sunda di alun-alun Garut tempo dulu 



Neundeun Omong
Mameh meuli urang teh biasana oge nawar heula, memeh nawar ngileng-ngiteng heula pika-bogoheun dina balanja teh. 

Tah, dina neangan jodo oge kitu kapan. Mimitina mah ngileng-ngiteng heula milih "pikabogoheun", dina parengna aya anu cop kana hate, tutuy dingaranan kikindeuwan eta anu ditaksir teh.

Obyek meureun ceuk barudak ayeuna mah,anu hartina "endeman", atawa"dokan" mun ceuk urang Subang mah. Karek bogoh sipatna, cocog. Can mutlak bener-bener, lantaran boa nogencang, ieu bogoh itu henteu, geuning aya sisindiran "kaliki ongkoh ku peucang, kanyere ka pipir-pipir, lalaki bogoh nogencang, awewe teu mikir-mikir".


Jeung boa teuing bogoh soteh kana rupana atawa dedeg pangadegna, ari kana adat tabeatna atawa tingkah lakuna mah can puguh cocog henteuna,da can nyaho bener. Atawa boa teuing aya halangan itu jeung ieu, malah teu mustahil salah saurang boga tanjakan anu teu pika-cumponaneun, tipama bae sual agama. Jadi mangsa eta teh mangsa ngijir atawa nimbang-nimbang bogoh ... ulah .. hayang .. entong. 


Eta kitu teh boh ti pihak bujang kit lanjang, boh ti pihak lanjang ka bujang.

Demi carana neangan pikikindeuwaneun di sawareh tempat sok aya adat atawa cara kabiasaan anu baku, saperti bejana di Parean bawahan Indramayu sok dina mangsana ngebrak bulan, nu sebut "jaringan", maksudna ngajaring jodo meureun. Di Karawang dina usum dibuat, di pakidulan Ciamis jaman beh ditu sok dina usum ngaseuk huma.


Upama eta mangsa kikindeuwan tea geus "asak si Bujang- jeung Si Lanjang geus garilig sarta henteu dihulag ku nu jadi kolotna, biasana kolot-kolotna oge dua pihakanana sok nyarieun hubungan, tapi kalawan lantip, henteu kitu wae. Kawas nu silih intip, silih kolongan silih tengetan. Boh bisi aya ka teu panujuan di salah sahiji pihak, atawa kumaha bae nu maksudna nalungtik nu matali ngeunah nu teu ngeunahna, positip jeung negatipna. 


Sajeroning kitu, biasana kolot lalaki sok pangheulana lekan, anu tutuy nalek pakarepan anakna. Naha bener-bener mikarepna, mikahayang nu saenyana. 

lain ukur saulineun. Lamun bener-bener anakna mikarep ka nu sok dianjing cai dideukeutan direujeungan ku manehna, dina hiji waktu kolotna sok ngahaja datang ka kolot awewena. 

Datangna ka dinya saperti anu nyemah biasa bae, henteu loba-loba paling duaan tiluan. Kitu deui lengoh we, teu barang bawa nanaon. Budak lalaki ge teu sina milu. Pribumi oge sarua, sanajan diiberan heula nampana teh saperti nampa semah sapopoe bae, henteu aya sasadiaan nu istimewa kayaning dina pasang peta di imah, dina sasadiaan keur nyuguhan, henteu katembong beda ti sasarina. 


Ngabubukaanana carita age nya kitu sabiasana nganjang sasari. Ngan, iwal upama antara semah jeung pribumi teh teu acan wanoh ti tadina, eta mah biasana tara panjang-panjang ngabubukaan, sok tuluy ngaburukeun perluna bae. 

Kawasna karandapan atawa kamaphum ku sarerea oge dina urusan nu penting mah nyarita teh sok bareurat ari can kaluangan mah, komo mun jeung nu disanghareupanana jelema ajenaneun atawa pikaserabeun. Eta sababna anui matak teu kurang-kurang nu sok ngawakilkeun dina pokna nyaritakeun pamaksudan teh, pangpangna nyingkahan pikaeraeun.


Lian ti eta deui,kapan dina kekecapan age kudu merenah gekgekanana ,surup undak usukna,puguh anggah - ungguhna, ngukur harkat darajat anu disanghareupanana. 
Kasar lemesna ulah nepi ka pasolengkrah, pacorok salah larapna. Kitu mungguhing adat, tatakrama hirup kumbuh nohonan bemakrarna. Anu pokpokanana ngedalkeun Pamaksudan, upamana bae kieu : 

"Saleresna mah kieu anu mawi dongkap teh,namung sateu acanna kapiunjuk,sumeja nyanggakeun sewu-sewu bebendu laksa-laksa duduka, bok bilih engke anu kapiunjuk teh matak iadi sesendu kalbu ngajaheutkeun mamanahan. Da menggah itikad mah estu putih beresih, sumawonten gaduh emutan nu sipatna ngunghak campelak, ampun nya paralun,ieu mah kumawantun miunjuk soteh mung awahing ku hoyong ngajeujeuhkeun kakeyeng pun anak wasta pun...manawi sareng manawi disarengan kumilikna karidoan ku (Bapa, Jeng Raka, Jeng Rai jst.) jaler istri di dieu. 

Nya eta, manawi aya sih lunturing kalbu,numutkeun kekecapan baheula mah : urang nepungkeun bangkelung nyaket-keuri baraya, manawi dipareng taya halangan harungan, carios tisisi tigigir, etang-etang ngalunaskeun hutang bae, neraskeun pirundayaneun, hoyong nepangkeun pun anak.. katuang putra...(ngaran mojang)."


Diwalonan ku pribumi, upamana :
"Euleuh, eta mah atuh pikabingaheun pisan, estu abot nyuhun abot nanggung abot narimakeunana, nuhun sarebu gerah salaksa, ngiringan pisan sapangersa, kalayan rido putih beresih. Mugi-mugi bae sing sami-sami kabiruyungan ku barudakna, paneda kolot diijabah ku Alloh anu Kawasa, ulah aya pamengan itu sinareng ieu.

"Encan, encan nepi kana nanyaan, ieu mah kakara babala-gonjangan sasatna, lalamunan,susuganan untun tipung tambang beas, ngocal-ngocal upama barang tea mah. Disebutna eta teh neundeun omong atawa nunda omong, tegesna pesen.

Ari tadina sasat rerencepan mun nu lumaku mah, ayeuna bruk-brak nonggerak. Antara Si Bujang jeung Si Lanjang leuwih bebas ti batan nu enggeus campur gaulna, tapi tetep aya wates wangenna sarta angger aya dina panalingaan anu jadi kolot ti ditu ti dieu (awewe lalaki). 

Geus jadi kabiasaan, sawaktu-waktu eta bene-beureuh sok sina bubunta-babantu di pimitohaeunana. naha disambat naha dijurungkeun ku kolotna sorangan. Babantu digawe di dapur di kebon(sawah), di pausahaan jst.


Eta teh minangka testing (ujian) hayangeun nyaho kumaha-kamampuhan piminantueunana, atuh dina deudeuhna meureun itung-itung ku hal eta, boh kolotna boh barudakna mangsa eta teh kudu laleuwih ati-ati, sabab danget eta teh danget silih jugjugan silih teuleuman ti kadeukeutan. 

Upama kajadian salah sahiji pihak kapanggih halna anu teu pikapanujueun pihak sejen, boh di kolotna boh dibudakna, ieu pihak nu teu panuju sawaktu-waktu bisa ngabatalkeun paniatanana tadi (ngawinkeun anakna). Ngabatalkeun, tangtu kalawan lantip, satekah polah ulah nepi ka matak nyentug ka ditu. Henteu bangga henteu sulit,da tadi ge karek ngocal-ngocal neundeun omongmah saukur pesen atawa babalagonjangan tea. Sipatna henteu meungkeut (mengikat), iraha bae bisa dibolaykeun ku salah sahiji pihak. Naon bae lantaranana mah. 

Jadi upama dina mangsa eta dua pihakanana mindeng silih anjangan, eta teh lain bae pedah geus sahate, tapi bari jeung tutan-titen boh bisi aya nu jadi matak pikahareupeun. Sukur-sukur mun sagalana matek pikareugreugeun pigedeeun hate, eta anu dihararep.

Sakitu arati-atina nu jadi kolot awahing nyaah ka nu jadi anak, ngajeujeuhkeun, anu jadi anak teh ulah tojo bogoh bae. Tah, istilah anu tadi kabogoh atawa kikindeuwan sanggeus, neundeun omong mah undak jadi beureuh jeung bebene, duanana disebut bene beureuh. Bebena awewena, beubeureuh lalakina.

Ari lalakonna harita teh disebutna hahadean, hade nu leuwih anteb ti harti kecap hade biasa. Can asup kana kalang tunangan da can nanyaan, babakalan oge encan deuih, da can pasti, boa teuing beungbeungeun memeh nanyaan ge.




Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Adat Perkawinan Orang Sunda | Bahasa Sunda

Posting Komentar