Dongeng Sunda Sasakala Batu Gede Tasikmalaya Bagean. 3

Dijual Buku Antik dan Langka





Bagian 1 na klik nu ieu ...
Caturkeun deui ibuna nu dikantunkeun ku putra-putrana bari teu aya wartosna,boh nu nyusul boh nu disusul. Nya anjeuna nyalira nepangan ka Kiai Jawa Raga di Mataram. Sarta kenging katerangan yen putrana duanana oge parantos marulang deui ka Sumedang, sang Kyai ngaraos hawatos ningali ibuna Prabu Adilaya mulih nyalira, nya saterusna kiai oge nigirng nyarengan milarian nu janten putra.

Tapi hanjakal pisan karek ge tepi ka palebah kampung Dukuh, Kiai Jawa Raga pupus sarta dimakamkeun di Gandoang. Ibuna sang Prabu Adilaya kapaksa angkat nyalira milarian putra-putrana, kabeh sakur nu kasorang ku putra-putrana geus kaliwatan ngan henteu ari ka Singaparna mah. Ahirna anjeuna dugi ka paleebah Situ Gede Di palebah dinya anjeunna mujasmedi nyuhunkeun pituduh ti Gusti Nu Maha Suci sangkan dipasihan terang dimana ayana Prabu Adilaya.

Dina sajeroning mujasmedi anjeunna nampi ilham yen Prabu Adilaya putrana, parantos perlaya dipergasa ku nu janten istrina nyaa kitu deui pangiringna, Sagolong jeung Siliwati. Ari ngareret kasagigireunana nyampak kuburan nu masih keneh beureum taneuhna. Teg wae sangkaan yen eta kuburan teh kuburan Adilaya.

Barng turun ti pulo anjeunna tepang jeung 2 jalma nu asalna ti mangkubumi jeung Linggarjaya. Nya ka jalma eta pisan anjeunna masihan wasiat sangkan ngajaga makam Prabu Adilaya Raja Sumedang. Ti harita eta jalma diangkat jadi kuncen makam Prabu Adilaya, saterusna anjeunna kungsi melak lauk nu diaranan si Kohkol, Layung, Gendrang, jeung Gandrang. Sabaraha waktu ti harita anjeunna nuluykeun lalampahanana mulang ka Sumedang, lebah manus kungsi ngarandeg heula sakedap saterusna mah angkat deui salamet dugi ka wewengkon karajaanana Sumedang.  TAMAT
Tina Koran Kujang Jumaah 3 Oktober 1975.
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Sasakala Batu Gede Tasikmalaya Bagean. 3

Posting Komentar